Rabu, 25 Mei 2011

BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA


1.    Adat kakurung ku iga : adat jeung sifat jalma nu goréng anu hésé leungitna, heunteu bisa dioméan.
2.    Ulah luhur kumagungan haying ngapak-ngapak langit : ulah sombong asa aing beunghar atawa pinter leuwih ti nu séjén.
3.    Lamun henteu ngakal moal ngakeul : lamun henteu daek usaha moal bisa barangdahar, jalma kudu digawé sangkan bisa hirup.
4.    Ambek nyedek tanaga midek : ngagambarkeun kaayaan jalma anu sanajan ngarasa ambek jeung haying ngalwan, tapi henteu bisa kukumaha sabab nu disanghareupanana lain lawaneun manéhna, da leuwih rosa jeung leuwih unggul sagala rupana.
5.    Nu asih di pulang sengit, nu nyaah dipulang moha : ngagambarkeun jalma nu henteu nyaho mulang tarima, nepi ka nyieun kagoréngan ka jalam anu geus mikaasih atawa nulungan manéhna dina waktu keur nyanghareupan karererpet.
6.    Ati mungkir beungeut nyanghareup : ngagambarkeun jalma mawula henteu jeung haténa, upamana awéwéanu dipaksa kawin ku kolotna ka jelema anu henteu dipikacinta ku manéhna.
7.     Bisa ka bala ka bale : jalma anu bisa masamoan di mana baé, jeung rahayat leutik, hayu, jeung para gegedén daék, bari henteu ngrasakeun tumarumpang,bari ditarima deuih ku lingkungan anu diasupanana gé.
8.    Lain bangban lain pacing : sisindiran anu ngagambarkeun yén putra meénak mah kudu ka putra ménak deui, henteu bisa nikah jeung jalma sambarangan anu lain turunan ménak.
9.    Batok bulu eusi madu : wadah murah tapi eusina luhur ajénna, mun kajelema nu rupana goréng tur katénjo bodo, tapi bageur jeung pinter tur wijaksana.
10. Ambekna sakulit bawang, sakecap kadua gobang : gampang ambek, teu kaopan.
11. Kauntun tipung katambang béas.: kalaksanakeun.
12. Kabedil langit kabentar mega : kalinglap.
13. Nyanggakeun beuheung teukteukeun tikoro gorokeun : kekecapan anu rumasa salah masrahkeun diri rék dihideung rék dibeureum baris nampa.
14. Beungeut nyanghareup ati mungkir ; pamajikan anu teu sumujud ka salaki.
15. Beurat nyuhun beurat nanggung : ucapan tumarima jalma anu meunang kahadéan, nu matak sakapeung dilengkepan : beurat narimakeunana.
16. Abongkéna biwir teu diwengku, létah teu tulangan :nyarita sangeunahna  baé, henteu ngaragap hate batur.
17. Nu borok dirorojok, nu titeleum disimbeuhan : nu nandangan susah lain ditulungan tapi malah dikekesek jadi leuwih ripuh.
18. Ngabudi santri, milégég lebé, ari lampah euwah-euwah : ari katénjona jiga santri ati kiai, tapi kalakuanana sabalikna kawas durjana.
19. Cadu mundur sacongo buuk, haram ngejat satunjang béas : ucapan nu nembongkeun ré tagen dina pamadegan sanajan nepi ka pati.
20. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak : runtut raut anu laki rabi atawa nu sosobatan silih ayunkeun kahayang jeung silih geuing kana bebeneran.
21. Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo : dilarapkeun ka nu gering nangtung nglanglayung, biasan aku lantaran kabungbulengan atawa kaédanan.
22. Rék nyicikeun cai ngwurkeun lebu  : sumpah tanda kapok kana kakuan goréng anu geus disorang, rék babalik piker, moal deui-deui migawé lampah goréng cara nu enggeus-enggeus.
23. Pindah cai pindah tampian : lamun nyanyabaan ka tempat batur kudu nyaluyukeun jeung adat kabiasaan nu aya didinya.
24. Cécéndét mandé kiara, cileuncang mandé sagara : haying nandingan saluhureun nu moal ka hontal.
25. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok: usaha an uterus-terusan dilakukeun kalawan sabar tanwandé aya hasilna.
26. Cueut ka nu hideung, ponté ka nu konéng : heunteu adil dina mere timbangn, da aya nu dipikaasih atawa barayana nu kudu dimeunangkeun.
27. Bentik curuk balas nunjuk : pikeun nyebut jalma anu gawena marentah, tara daek prak digawe sorangan.
28. Desa mawa cara, nagara mawa tata : kahirupan di desa dumasar kana adat kabiasaan talari karuhun, tapi  nagara ngatur tata kahirupan anu leuwih jembar manan adat kabiasaan desa.
29. Peureum kadeuleu beunta karasa : teu weleh inget bae, teu bisa dipopohokeun.
30. Dogong-dogong tulak cau geus gede dituar batur : kabogoh anu diendem jeung dimumule ti leuleutik, ari geus gede wanci dikawinkeun kalah ku batur.
31. Dug hulu pet nyawa : digawe henteu ngingetkeun kacape kusabab haying nyiar napakah keur anak pamajikan anu cukup.
32. Kagunturan madu kaurugan menyan bodas : ngagambarkeun kabungah anu pohara.
33. Herang caina beunang laukna : ngahontal maksud bari repeh rapih henteu nimbulkeun pacogregan.
34. Herang mata tiis ceuli : hirup nu tingtrim tengtrem henteu rea riributan, teu aya dedengean nu ngaharu-biru, ngahunang-ngahening.
35. Ngindung ka waktu ngabapa ka jaman : ulah tinggaleun jaman, kudu ngaluyukeun diri kana parobahan jaman.
36. Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang : ngagambarkeun kapaur jeung kasieun dina enggoning ngalampahkeun hiji hal sabab bisa nimbulkeun pitenah atawa kajadian anu jauh tina sangkaan.
37. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata : nyaksian ku mata sorangan, lain ngan ukur beja ti nu lian.
38. Ari jauh seungit kembang ari deukeut bau tai : hubungan jeung dulur sok dianggap kitu, ari pajauh teu weleh nineung, ari padeukeut parasea wae.
39. Dijieun limus sakeureut, dijieun gula sagandu : dipupusti didama-dama.
40. Nu jujur tikecebur, nu bener tipater : paribasa kiwari anu ngagambarkeun ajen-inajen nu geus barobah tina moral heubeul.
41. Kawas kacang ninggang kajang : nu nyarita nya gancang nya tarik tur tara aya eureuna.
42. Kadar henteu beunang disinglar : ngagambarkeun katangtuan nasib hirup manusa anu henteu bisa dirobah.
43. Ngadék sacékna, nilas saplasna : jalma jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya nu dipindingan atawa dirahasiahkeun.
44. Landing kandungan laér aisan : gedé timbangan, henteu kejot borosot, wijaksana tur adil.
45. Ketuk ngidul gendang ngalér : psalia, pakia-kia dina nyanghareupan garapan, atawa salaki jeung pamajikan anu geus henteu sauyunan deui.
46. Ngijing sila béngkok sembah : henteu satia gumati, boh ka raja, dunungan atawa pamajikan ka salaki.
47. Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran : jalma miskin anu mangpang-meungpeung popohoan waktu meunang rejeki.
48. Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : awéwé nu ditambang ku salakina, henteu dipegat tapi henteu dibéré napakah jang hirupna, dikuma karepkeun tur biasana mah geus henteu cicing bareng saimah.
49. Rembesing kusumah tétésing andanawari : turunan ménak luhur, lain jalma joré-joré.
50. Lain lantung tambah laku, lain lentang tanpa seja : datang sotéh aya maksud, lain datang teu boga tujuan.

1 komentar: