Sabtu, 28 Mei 2011

Naskah Nga-MC-an Milangkala Inohong Sunda


MIANGKALA
AJIP ROSIDI KA 70 TAHUN

Assalamualaikum Wr.Wb
Wilujeng enjing para pamiarsa...

            Sugrining puji anu jadi pamatri ati, kasanggakeun ka gusti nu maha suci Allohu Robbi, sadayana puja anu jadi panghias kana rasa, kasanggakeun ka zat Alloh Zaala Allohu SWT. Atuh teu kakantun rasa syukur sumangga urang sami hatur, kanu Maha Luhur kanu salamina anu ngatur badan sakujur Allohu robun gofur. Teu hilap salawat miwah salam mugia salamina ngadawam, dilimpahkeun ka junjunan alam panutan urang sadaya sakumna umat islam anu aya di tungtungeun alam nya eta Kanjeng Nabi Muhammad SAW. Miwah kuluwargana, para sahabatna anu tabiitna anu salamina turut tumut kana ajaran sinareng anjuranana kalebet urang sadaya.
            Pikeun kalancaran acara ayeuna, hayu urang sadayana maoskeun basmallah sasarengan.  
            ................Pre Memory.........................
            Sim kuring bade ngawilujengkeun`ka para hadirin anu tos nyumpingan ieu acara.
Aya oge Sim kuring bade macakeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun:
1.    Bubuka
2.    Panggabea ti:
            Panata calagara
            Rektor UNPAD
3.    Performance : Upacara Adat ti LISES UNPAD
4.    Bedah buku “Hidup Tanpa ijazah” anu mangrupa biografi Ajip Rosidi.
5.    Jamuan makan malam
6.    Potong Tumpeng
7.    Renungan Ajip Rosidi
8.    Performance Jaipongan ti cucuna Ajip Rosidi
9.    Performance sajak ti :
            Ws. Rendra
            Taufik Ismail
            Sapardi Djoko Damono
10. Bewara pinunjul hadiah sastra rancage.
11. Doa
12. Panutup
            Nincak kana acara kahiji nya eta pamapag ti pupuhu calagara Ka Ceu Novera, sumangga dihaturanan:
            ................Pre Memory.............................
            Haturnuhun ka Ceu Novera, kana pamapagna salajengna nya eta panggabea ti Rektor UNPAD, anu sakaligus muka ieu acara Mieling Miangkala Ajip Rosidi ka 70 taun. sumangga ka Kang Ganjar Kurnia dihaturanan.
            .....................Pre Memory........................
            Ajip Rosidi mangrupa salah sahiji Budayawan kahot anu gede jasana ngamumule, ngariksa jeung ngaraksa budaya Nusantara, ti aspek kebahasaaan, budaya/tradisi, sastra lisan jeung tinulis. Salah sawios conto kareeus Ajip, nya eta Ajip mangrupa pioneer nu ngadegkeun Yayasan Rancage, anu salah sahiji kagiatanana mere pangjen ka para sastrawan Sunda, Jawa, Bali jeung Lampung. Ngadegkeun panerbitan buku, anu medalkeun buku-buku kenging sastrawan lokal, salah sahijina contona panerbitan  PT.Kiblat Buku Utama anu medalkeun buku-buku kasundaan. Ngandegkeun “Cupumanik” mangrupa majalah, pikeun komunikasi jeung kamajuan kasundaan dina wanci kiwari, anu basa panganterna basa sunda.
            70 tahun ngalakonan hirup teu miboga ijazah, mengalir bagaikan air, dengan kegigihan sekuat besi, ngajadikeun Ajip Rosidi, konsisten, kana ngamerjoangkeun kamekaran basa, budaya katut sastrana. Nepi ka Ajip Rosidi dipercaya ku salah sahiji Paguron Luhur di Yokohama, Jepang. Jadi dosen tamu, ditataran eropah. Australia jeung sakuliah Asia pernah didatangan ku Ajip Rosidi pikeun ngawanohkeun budaya Nusantara hususna sastra sunda. Nepi ka UNPAD masrahkeun, gelar Doktor Causa ka Ajip Rosidi, anu sapopoe ayeuna, kagiatan ngadosenan di Fakultas Sastra UNPAD hususna Jurusan Sastra Sunda.
            Kumaha prak-prakanana, sepak terjang Ajip Rosidi, ayeuna aya diskusi buku Hidup Tanpa Ijazah, anu mirip biografi Ajip Rosidi, aya 3 narasumber:
1.Dudu Durahman
2.Hadi Aks
3.Yus Rusyana
            Diskusi ieu dimoderatoran ku Bapa Abdullah Mustafa (wartawan Mangle) anu mineung nulis artikel lalampahan Ajip salila ieu:
            Pikeun ngaefektifkeun waktu, sumangga ka para narasumber sareng moderator, nempatan tempat anu disayogikeun.
            ..................................Pre Memory.............................
            Acara anu salajengna nya eta Potong tumpeng, dina raraga miangkala kang Ajip ka 70 tahun............
            ................................Pre Memory.......................
            Renungan Ajip Rosidi nincak lalampahan dinya salila ieu, ka Kang Ajip sumangga di haturanan.
            ....................................Pre Memory..................................
            Acara ayeuna nya eta performance incuna Ajip Rosidi, anu mineung maturan Ajip nalika jadi dosen tamu atawa nalika ngalakukeun ngalawatan ka nagara dengeun. Mangga ka Neng Kurnia Rosidi dihaturanan, ka para pamiarsa Wilujeng nyakseni.....
            ...........Pre Memory.........
            Performance ti babaturan deket Ajip Rosidi, nalika keur nanjreug di Jakarta...Mangga ka Ws Rendra, Taufik Ismail sareng Sapardi Djoko Damono dihaturanan..............
            ...................Pre Memory..................
            Hatur nuhun ka para panyajak hebat nu aya di negeri urang, acara salajengna anu kacida diantos-antosna ku sastrawan lokal atawa nasional nya eta bewara pinunjul Hadiah Sastra Rancage anu baris diumumkeun ku Kang Hawe Setiawan......sumangga ka kang Hawe dihaturanan..
            Pre Memory
            Nincak ka acara anu pamungkas nya eta pembacaan doa anu baris dipimpin ku Aa Gym ( Abdullah Gymnastiar) mangga ka Aa Gym dihaturanan:
            Pre Memory............
            Haturnuhun ka para pamiarsa sadaya anu tos sumping ka ieu acara, parantos rengse sadaya runtuyan acara, hatur nuhun ka sadaya pihak anu para pamiarsa anu parantos ngarojong lumangsungna ieu acara kalawan lancar.Kuring asmana panitia ngahaturkeun neda sihapunten, bilih aya kekecapan anu kirang merenah sumarabah kana manah, anu nyelekit kana ati. Amit mundur amit mungkur

Wassalamualaikum Wr Wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar