Sabtu, 28 Mei 2011

Naskah Nga-MC-an Pikeun Siraman


ACARA SIRAMAN
Ku Novera Yuliana

Acara Siraman biasa dilaksanakeun sapoé sateuacan poéan Akad Nikah lamun acara nikah dina dinten minggu tangtu acara siraman dilaksanakeun poé saptu bada ashar kinten-kinten tabuh 16.00. sarengsena salat ashar.
Acara siraman dilaksanakeun ku kuluwarga calon panganten istri, tapi aya ogé calon pangantén pamegét nu sok ngalaksanakeun di imah calon pangantén istri.
Sateuacan ngalaksanakeun siraman calon pangantén sok ngayakeun acara sungkem ka ibu rama miwah anu maksad nyuhunkeun dihapunten anu tempatna biasa dilaksanakeun di ruang tengah imah atanapi ngahaja ngadamel tempat khusus kanggé acara sungkem diliyukeun sareng tempat siraman. Naskah siraman sok dianggé mimpin acara siraman sapertos dihandap ieu :

Panata Acara

Assalamualaikum Wr.Wb
Para wargi sadayana hormateun Sim Kuring utamina calon panganten istri, sakedap deui Eneng bade ngalaksanakeun acara Siraman, salah sahiji tali paranti titinggal karuhun urang, anu ngandung harti hidep kudu bebersih lahir batin sateuacan hidep isuk nglaksanakeun rumah tangga
Sateuacan ngalaksanakeun siraman hidep kedah neda dihapunten ku ibu miwah ka Bapa, sabab !!!!!! ;
Anaking kambang soca ibu, salapan bulan lamina ibu téh ngakandung hidep anu estuning clik putih clak herang.
Ibu salamina ngado’a kanu kawasa sangkan hidep mulus, rahayu, berekah salamet dunya akhirat.
Anaking. !!!!! dua poé dua peuting mamah asa gowang-gawing ngagantung dina rambut salembar, matak ketir baluas kadiekeun.
Tapi alhamdullilah murahna Gusti anu Maha Suci, hidep medal kalayan salamet
Ku ibu dirorok didama-dama dijaring, diaping, beurang jeung peuting, ditanggeuy dieunggeuh-enggeuh, diatik diwaris harti.
Anaking ayeuna hidep rék incah, mimiti rék rumah tangga tandaning nincak sawawa leupas ti asuhan ibu rama.
Nu karasa nalangsa galo jeung bungah, tapi teu panasaran da aya anu baris neruskeun mikanyaah kahidep nya éta panutan hidep.
Ibu jumurung sakulillah sadrah pisan, bral anaking geura mencar tarawekal motekar sing lulus mulus sauyunan silih asih, silih asuh jeung silih pikanyaah, lambat lambut, runtut raut, jatmika lahir jeung batin cangreud dina sanubari agem agama, tatapakanana, darigama, pananggeuyan enggoning hidep hirup, insyaallah bakal salamet. Anaking sasatna isuk rék lunta, lunta ngambah alam rumah tangga. Tong indit bari teu amit ngaleos kawas nu pundung, munjung heula anaking ka indung anu ngakandung kabapa anu ngayug. Prak ayeuna pisan geura munjungan ka ibu rama.
Mugi gusti nu Maha Suci ngabulkeun kana sagala pamaksadan urang sadaya….Amin,Amin.
Saparntos acara sungkem nembe calon panganten dicandak ka tempat siraman anu parantos disiapkeun ku juru hias, biasana alat-alat nu digunakeun kangggo siraman nya éta :
1.      Wadah cai jeung catingna
2.      Kekembangan
3.      Sinjang tujuh lambar
4.      Anduk
Anu nyiramanana nya éta biasana 7 urang ti mimiti ibu-rama, lanceuk, jeung wargi nu sejénna biasana tara kurang ti tujuh urang.

Acara siraman mangrupa acara adapt sunda, kabudayaan sunda anu teu aya hubunganana jeung syah henteuna akad pernikahan.
Tapi sanajan kitu da mangrupa bebersih teu jadi halangan. Nu teu meunang dina agama mah omat ulah katempo orat dina waktu siramanana sareng cai ulah kedah ti tujuh sumur, ogé kekembangan teu kedah tujuh rupa, saayana baé sabab dina agama islam nu teu meunang téh urang boga kayakinan mun teu ngalaksanakeun kitu téh bakal aya mamalana.
Ceuk agama jeung darigama ari beberesih mah hade ngan kedah terang mana cai nu suci jeung mana cai nu bisa nyusucikeun.

1 komentar:

  1. Salam... hatur nhun postinganna... sae pisan dira raraga ngamumule sarta mikanyaah kana budaya sunda.. diantos oge diblog sim kuring kangkamal.com

    BalasHapus