Sabtu, 28 Mei 2011

Resesnsi Carpon Basa Sunda


OKNUM, kuring teu Salah!
           Dina carpon “ Oknum” nyaritakeun hiji tokoh nya éta Uhén salaku palaku utama. Dina ieu carpon Uhén dituduh jadi oknum ku aparat desa padahal Uhén teu nyaho nanaon ngeunaan oknum nu dituduhkeun ka manéhna. Sababaraha hiji kasalahan nu nyababkeun manéhna dituduh jadi oknum nu boga niat ngawiwirang aparat désa. Ti mimiti dituduh ngaduruk gambar, nepi ka dituduh ngaduruk bandéra nu ahirna Uhén ngaringkuk di kamar tahanan.
            Carpon ieu disajikeun ku basa nu gampang dipaham ku nu macana, teu loba gaya basa nu dipaké, caritana nimbulkeun kapanasaran pikeun nu maca. Alur nu dipaké dina carpon ieu téh nya éta alur mundur. Kusabab dicaritakeun deui ku Uhén nu geus ngaringkuk tilu poé ditahahan.
            Numutkeun simkuring carpon ieu nyaritakeun kaayaan di jaman Orde Baru (Orba) nu loba kénéh masarakat nu dituduh sabagé oknum nu bakal ngawiwirang nagara atawa pamaréntah, ku kituna kudu diilangkeun. Di jaman Orde Baru euweuh kabébasan pikeun rahayat nepikeun kritik atawa nunjukeun teu sapanuju ka pamaréntah boh ku cara susulumputan (halus) boh ku cara terang-terangan, hartina dina pamaréntahan Orba teu wanoh ayana demokrasi teu jiga jaman sanggeus Orba (ayeuna), nu méré kabébasan ka rahayat pikeun nepikeun kritikan jeung ilubiung dina pamaréntahan boh dina tulisan atawa sacara langsung. Mun di jaman Orba naon waé jeung saha waé nu dianggap teu nurut ka pamaréntah jeung dianggap ngalawan pamaréntah bakal dihukum.
            Urang sakuduna reueus jeung bingah ayana sumanget spontan ti rahayat jeung para pajuang kamerdikaan nu ku cara revolusi fisik geus suksés ngahontal hiji tahap nu konkrét dina prosés pembentukan bangsa urang, nya éta bangsa nu daulat, miboga harga diri sabagé bangsa jeung miboga hasrat pikeun ngahiji sabagé landasan kuat pikeun ngawangun prosés integrasi kabudayaan nasional Indonesia.
            Sabalikna, revolusi urang geus mawa balukar post-revolusi nu mangrupa karusakan fisik jeung méntal masarakat urang. Revolusi mimitina ngarobohkeun kontinuitas kahirupan masarakat, konsekuénsina nya éta nimbulkeun improvisasi ti pola-pola kahirupan anyar nu teu mantap jeung nimbulkeun kacangcayaan dina kahirupan tan padoman.
            Sanggeus revolusi, mun kamerdikaan formal geus kahontal, muncul loba masalah séjén jeung biasana sering disebut ku ahli ilmu politik sabagé prosés dékolonisasi. Dina prosés éta, norma jeung peraturan heubeul nu dianngep feodal atawa colonial dijebol jeung diganti ku norma jeung peraturan nu anyar, tapi biasana fungsi mimiti ti anjuran pikeun ninggalkeun norma-norma nu heubeul jadi remeng-remeng. Nu jadi tujuan utama nya éta ngajebol norma-norma heubeul, tapi norma jeung peraturan nu anyar teu dibina sarta teu disusun. Ku kituna nimbulkeun nambahna kacangcayaan dina kahirupan tan padoman
            Ku dilarangna demokrasi, nu diantarana nepikeun pamadegan atawa kritikan ka pamaréntah téh salah sahiji balukar tina post-revolusi. Di jaman post-revolusi muncul ogé sababaraha sipat kahéngkéran mentalitas urang Indonesia, nu leuwih ngajauhkeun urang ti jiwa pangwangunan. Sifat kehéngkéran éta nu sumberna tina kahirupan nu pinuh ku kacangcayaan jeung kahirupan tan padoman sarta orientasi nu teu tegas.  
            Uhén jadi korban tina kahirupan nu pinuh ku kacangcayaan pamaréntah ka rahayatna sorangan, nu sakuduna dlindungi salaku warga nagara tapi malah dituduh sabagé oknum nu rék ngaruksak integritas nagara. Uhén ngan jalma ti kampung nu teu nyaho nanaon ka masalah éta, can puguh manéhna gé nyaho naon ari oknum nu dituduhkeun ka manéhna, naon sababna manéhna dituduh sabagé oknum tepi ka diasupkeun ka tahanan.   
            Salian ti unsure politik, aya ogé unsure séjén nu aya di carpon ieu nya éta unsure psikologi. Psikologi atawa kajiwaan Uhén kaganggu sabab manéhna dituduh ngalakukeun hal nu sama sakali teu dilakonan ku manéhna, balukar tina masalah ieu manéhna loba pikiran. Mikiran kunaon manéhna bet diasupkeun ka tahanan, nepi ka manéhna lieur sorangan sabab teu nimu sababna, manéhna ngan dituduh sabagé oknum, tapi éta gé can kabuktian bener henteuna ngan tuduhan tanpa ningali kumaha masalah nu sabenerna.
            Kagiatan nu dilakukeun ku Uhén nya éta nyaritakeun masalahna atawa nepikeun eusi haténa nu salila ieu jadi pikiran manéhna ka babaturan sakamar tahananna, éta téh dina psikologi disebut ‘hubungan karib’ ((intimate society) nu ngandung konsépsi ngeunaan manusa, sato atawa banda nu ku individu (Uhén) diajak gaul sacara karib, nu bisa dipaké sabagé tempat berlindung, jeung nepikeun eusi haté mun manéhna keur miboga masalah nu ngaganggu pikiranna.
Dina carpon ieu euweuh kahéngkéran nu loba ngan aya salah sahijina nya éta teu dicaritakeun naon sababna Uhén balik deui ka lemburna maké mobil ambulan, apa manéhna geus tiwas, geuring atawa aya sabab séjén, tapi jigana ieu salah sahiji nu nyababkeun carpon ieu téh menarik pikeun dibaca nya éta nimbulkeun patalékan kumaha tungtungna nasib si Uhén, boa-boa manéhna tiwas pédah mikiran nasibna nu ujug-ujug dituduh sabagé oknum, boa-boa manéhna dihukum mati pédah tuduhan éta, atawa manéhna gering ku sabab mikiran masalah éta.      

Tidak ada komentar:

Posting Komentar