Sabtu, 28 Mei 2011

Naskah Nga-MC-an Pikeun Seserahan


SESERAHAN
Ku Novera Yuliana

Ujang Rohman (Mamat Rohmat) ngadahup ka nyi Arni (Arnita Susilawati), di kampung Cimenyan, Desa Margaasih, Kecamatan Nanjung, Kab Cimahi sok sanajan hirupna di pakotaan jadi kuli pabrik, da ngadahupna di palemburan, atuh dina prak-prakanana pernikahaan teh makè tatacara pilemburan. Nyaèta samèmèh akah nikah, terus sabada akad nikah di sawer.

Diwakilan ku Neng Vera :
Ass.wr.wb
Robbis rohi sodriq wa yassirli amri wahlul uqdatan milisani yafqahu qauli ya fatahu ya ali birohmatika ya arhama rohimin . . .
            Sadaya puja miwah puji mung tetep kagungan tunggal Allah SWT anu nguwasa sakabèh alam dunya, solawat anu teu elat tetep di sanggakeun ka jungjungan urang sadaya kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka Kulawargana, para Sobatna, Tabi'it Tabi'ina, dugi ka urang umat anu paling ahir anu sami-sami ngalakonan sunahna .
            "Sim kuring ngawakilan keras pun adi, Tatang, nu gaduh budak bujang, nyatana ujang Rohman. Dongkap ka ieu tempat, nyandak niat masrah keun Si Bujang. Seja nèang tapak nanyaan, hoyong dijodohkeun sakumaha tatali syar'i, tatapkan sunah Nabi, dina iketan akad nikah anu suci.
            Numutkeun hadis mah yèn Saenyana umat Muslim tèh geus ngalaksanakeun satengah kawajibanana salaku Muslim lamun ngalakoan nikah ieu, nya tangtu baè nikah di dieu nikah ka Muslimah, Gusti Allah parantos ngajadikeun mahlukna papasangan, aya siang aya wengi, aya bulan jeung bèntang tèh nya saleresna mah jadi cingcirining keur urang sarèrèa. sakecap dua kecap ti simkuring pikeun duanana mugia sing tawekal dina ngajalanan ieu pernikahan, tumut kana ajaran agama , jadi conto jeung suri toladan keur nu sanèsna, silih asih jeung pada ngasuh, ulah ngagugu kana nafsu, sangkan jadi kulawarga sakinah, mawaddah, tur warohmahtan lil alamin.
            Mung hapunten, dongkap tèh bet ngagadeuang, sumping, ngagilincing. Henteu jingjing, heunteu bawa. Estuning sakadar syarat ka tanyaan ku palias, sakalieun ngahaneut-haneut hawu, tamba halabhab nu di imah sareng semah. Barang sarampadan, duit sakirincing. Mugi di tampi ku wening ati, di tampi ku kabingahan. Bongan sakieu ayana. Sanes teu hoyong ngaborong. tadina ge tos di sebatkeun, mung nyandak niat ikhlas, tumut kana katangtuan Nu Maha Agung."sakitu ti sim kuring.

"kirang sinareng langkungan mannga nyanggakeun."

Tidak ada komentar:

Posting Komentar