Sabtu, 28 Mei 2011

Naskan Biantara

Ieu mangrupa Naskan Biantara (Pidato) dina basa Sunda nu didugikeun murid Sim kuring Muthmainatul Fitri kelas XI alhamdulillah tiasa janten pinunujul ka tilu tingkat Dinas Kota Bandung, Nu diayakeun KU MGMP bahasa Sunda. alhamdulillah gaduh murid rareeus kana basa, aksara jeung Budaya Sunda! ari kieu mah sanajan teu acan janten pinunjul ka hiji tambih sumangeth wae ngapingna...


Mekarkeun budaya Sunda ngaliwatan Canggihna tehnologi
Assalamu’alaikum wr wb
Asyhaduallaailaahailallah wa asyhaduanna muhammadan abduhu wa rosuluhu amma ba’du
Sampurasun,,,
Girang pangajen nu ku sim kuring dipikaajen,
Bapa sinareng ibu guru nu ku simkuring dipikaajen,
Rerencangan sadaya nu ku sim kuring dipikadedeuh.
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka gusti nu maha kawasa parantos maparin nikmat kasehatan ka urang sadaya dugi ka danget ayeuna urang tiasa paamprok jonghok dina ieu rohangan. Dina kasempetan ieu sim kuring ngadeg payunen hadirin sadaya sanes lauk buruk milu mijah atanapi mapatahan ngojay ka meri, tapi sim kuring bade neda widi baris medar biantara anu tema na Budaya Sunda jeung Tehnologi na mangsa kiwari.
Hadirin hormateun Simkuring,
Kabudayaan Sunda mangrupa salah sahiji kabudayaan nu kawilang kolot nu aya di Indonesia. Leuwih kolot tibatan kabudayaan Jawa. Tapi mun nilik kaayaan ayeuna, di jaman anu geus sarwa moderen dimana sagala rupa hal nu dipikahayang bisa kacumponan. Ku kamajuan Tehnologi anu kacida gancangna. Datang nu ieu, datang nu itu. Sabuat loba jalma diajar jeung make tehnologi nu ieu geus datang deui tehnologi nu sejen. Conto saperti ayana internet nu ngabogaan mangpaat anu kacida lobana, teu saeutik oge hengkerna. Loba mangpaat soteh lamun dipake sacara wijaksana. Jaman baheula mah hayang nyaho kumaha sajarah nagara batur teh meuni hese, tong neangan sajarah nagara batur neangan sajarah nagara sorangan wea bet asa hese. Beda jeung jaman ayeuna, ibaratna tinggal sakali klik murudul inpormasina.
Tuluy ayeuna naon patalina Kabudayaan Sunda jeung Tehnologi? Jentre pisan pakaitna. Cik ari ayeuna dina Internet make basa naon? Lain Basa Sunda. Tong boro Basa Sunda, Basa Indonesia ge lain. Tah hal eta oge anu mangaruhan Budaya urang anu teu maju-maju, teu loba nu makena kalah karasa beuki mundur hususna tina Budaya jeung Basa Sunda. Nonoman jaman ayeuna geus jarang anu ngobrol ngagunakeun Basa Sunda, lantaran Basa Sunda dianggap basa anu geus teu penting di wanci nu sarwa moderen jeung global, tong boro Basa Sunda, Basa Indonesia ge geus dianggap teu penting, dinomor duakeun dianggap na teu penting jaman ayeuna mah nya eta Basa Inggris, Basa Internasional tea. Nu dianggap leuwih ngarojong kana pagawean jeung elmu pangaweruh.
Para hadirin nu ku simkuring dipikahormat,
Salian ti Basana loba keneh kabudayaan-kabudayaan urang anu geus kageser ku majuna Tehnologi. Baheula mah ngalagu teh ngalagu teh mupuh, nembang, ngawih, jeung kakawihan eh kiwari mah teu kolot teu budak lalaguan teh resep keneh musik pop, rok, dangdut, jeung jazz. Kitu oge dina alat musik, lamun baheula urang ngan apal jeung bisa ngamaenkeun  kendang, kacapi, suling, jeung sajabana, eh ari ayeuna alat musik eta kageser ku alat musik gitar, piano, drum, biola, bass jeung loba keneh. Aya deui kasenian wayang nu laun-laun ditinggalkeun, sabab aya anu dianggap leuwih rame, nyaeta drama, kabaret, opera jeung sinetron jeung rea deui.
Tapi dimana-mana hiji hal kacipta di dunya pasti aya mangpaat jeung mudorotna. Mudorot na mah nya kitu, budaya sunda kageser ku budaya lain lantaran maju na Tehnologi. Tapi disisi lain manpaatna nya eta urang bisa ngawanohkeun budaya sunda ka kancah internasional ngaliwatan tehnologi kawas facebook, twitter, blog, jeung youtube  nepi ka SUNDA dipikawanoh disakuliah dunya sacara Folk jeung lore na, kawas urang sundana, basana, kabiasaanna katangen di facebook contona wae grup facebook baraya sunda sadunya, artikel, essei, dongeng, babad, carpon, novel, sajak  ngeunaan budaya loba ditulis ku ahli atikan jeung budayawan, sastra sastrawan Sunda ngaliwatan Blog, kagiatan kawas drama, longser, pintonan seni, pagelaran wayang, adat nikahan bisa ditingali di Youtube. Katut ka kadaharan urang sunda, bahan jeung cara nyieunna, karya sastra, kasenian, ubar tradisional, jeung loba hal ngeunaan kasundaan bisa kapanggih di internet, nu mangrupa salah sahiji produk tehnologi nu kacida majuna. Nu tangtu wae tehnologi teh jadi tempat pikeun nyumebarkeun kabeungharan intelektual jeung local genius urang Sunda ka masarakat Dunya, lain ngan ti indung ka budak, lain jang urang sunda wungkul. Nu matak jadi reuus, Salian ti eta,  urang sunda bisa neangan inpormasi nu leuwih loba ngeunaan Kabudayaan Sunda nu ngabalukarkeun kabudayaan Sunda leuwih dipikawanoh, geus dipikawanoh tuluy dipikanyaah, geus dipikanyaah tuluy dimumule ku cara dipake. Kawas paribasa Mun teu wanoh moal bogoh, jadi salian ti kamajuan tehnologi ieu kamekaran jeung kabeungharan basa, kabudayaan katut aksara Sunda, urang salaku nonoman kudu bisa ngamekarkeun, ngadokumentasikeun, ngawanohkeun, ngaramekeun internet ieu ku basa urang, sangkan pikangiruteun, tuluy bisa hirup. perlu pangrojong ti pamarentah, boh dina atikanana, kawas pangajaran basa Sunda disakola, kawas ayeuna diwanohkeun ti tingkat TK nepi ka SMA, jadi mulok wajib, ngaliwatan perdana kuring geus reeus, tapi tambahan deui kagiatan nu mawa unsur budaya Sunda. Nu cara ngawanohkeun atawa masarkeunna ngaliwatan internet.
Salah sahiji cara ngawanohkeun jeung ngamumule budaya Sunda lain ngagunakeun tehnologi internet wae tapi ngagunakaeun tehnologi nu lain nyaeta tv, ku ayana tv lokal di Bandung. Acara-acara tv kasebut nyiarkeun macem-macen kabudayaan sunda saperti wayang, kawih jeung acara musik gamelan. Komo deui nepikeun warta make Basa Sunda. Aya oge acara nu nyiarkeun ngeunaan Aksara Sunda. Salian ti ayana tv-tv lokal anu nagmumule kabudayaan Sunda, aya oge cara nu lain nya eta dengan ngayakeun ­pasanggiri nu aya patalina jeung kabudayaan sunda saperti pasanggiri biantara, pasanggiri pupuh, pasanggiri nulis aksara sunda, pasanggiri ngadongeng jeung sajabana. Kusabab kitu hayu urang babarengan keur ngaronjatkeun jeung ngamumule budaya sunda. Ulah nepikeun Jati kasilih ku junti, pri bumi ka elehkeun ku pandatang kababawa budayana, basana, laku lampahna, teu teuing nunjukkeun identitas kasundaanna, kawas nyarita elu gua, langkung resep barongsai daripada sisingaan, resep keneh ngagesek biola daripada metik kacapi, reeus niup saxsofone daripada suling, reureug ngagebugan drum daripada kendang, asa keren bisa karate daripada penca.
Padahal dijentrekeun yen miara jeung ngamumule budaya sorangan saluyu jeung parentah Allah SWT, Di QS Ar rum ayat 22 nu unina:
Wamin aayaatihii manaamukum bilaiyli wannahaari wabtigooo ukum min fadlihii, Inna fiidzalika laa aa yatiin liqowmiyyasmangunn..
Sakitu wae biantara ti sim kuring, mugi-mugi naon nu ku sim kuring dugikeun tiasa mere mangpaat kanggo urang sadaya husus na pikeun urang salaku nonoman-nonoman Sunda ngarah gaduh kareueus dina ngamumule budaya sunda.
Dicekapkeun sakitu bae ti Sim kuring,  Simkuring nedan pangapunten bilih aya kekecapan sim kuring anu nyelekit kana ati sumarabah kana manah. Pondok nyogok panjang nyugak,  Bobo sapanon carang sampakan mugia jembar pangampura.
Bilahi fii sabililhaq
Wasslamualaikum warahmatullahi wabarukatuh…
Sampurasun.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar