Minggu, 04 Maret 2012

Cerpen Sunda "Soto Lontong "

Soto Lontong
Ku Novera Yuliana
Lamun inget baheula, sakapeung mah sok aya rasa kaduhung kuring kungsi boga kahayang ninggalekun profesi jadi tukang dagang soto lontong. Enya, ceuk legegna mah dagang oge kaasup profesi.
Kasebutna ahli jeung eyeub ku rupa-rupa pangalaman, welasan taun ka tukang jadi tukang soto lontong.
Ari ningali nu rariweuh gawe kantoran, sok ras inget ka mangsa rumaja baheula. Mangsa ngora keneh, mangsa diri meungpeunan boga kahayang kawas batur. Hayang didadasi indit ka kantor. Atuh lamun kasebutna dagang , ku hayang boga toko sorangan. Seug jadi tukang bangunan, kahayang mah jadi mandor bangunan, purah tutuduh ka nu keur digarawe, tinggal ngomong kudu kitu kudu kieu … meureun bakal asa! Enya, kasebutna digawe .. beda jeung jadi tukang soto lontong, bari ukur mantuan kolot. Mani asa… ah, embung we jadi tukang soto lontong teh. Harita mah bakating ku kapaksa we. Harita mah teu kungsi boga cita-cita hayang nuluykeun usaha kolot. Lamun teu kapaksa kaburu kawin ka Si Karsih mah, moal daek meueren jadi tukang soto. Tapi lamun teu kitu, rek kumaha deuih maraban pamajikan.
Kuring biasa ningali kolot, jam dua subuh the mani geus gesit. Sanajan umur Ema geus aya tujuh puluhna harita teh, tapi mani cang cing ceng keneh , nyiapkeun sagala kabutuhan dadasar jeung dagangkeuneun. Ti mimiti nyieun sayur nepi ka sagala unak-anikna. Bapa anu umurna geus nincak dalapan puluh genep taun, tanginas mandi jam tilu keneh bari gesit sasarap. Kuring oge sakapeung mah sok reuwas lamun pareng digeuingkeun ku kolot teh. Eta ku sok gogorowokanana ari ngahudangkeun teh, kawas aya kahuruan bae. Sakapeung mah sok era ku tatangga, sieun pajarkeun aya naon, aki-aki jeung nini-nini tinggorowok wayahna batur tibra sare. Enya,,, da jam sakitu mah galibna tatangga sarare keneh atuh.
“Gancang hudang! Geura mandi! Tuluy tahajud heula, meungpeung aya waktuna keneh. Siap-siap! Akutan tuh panci sayur jeung cai enteh kana roda, buru! Lamun bapa kuat keneh mah, moal menta tulung, rek diakut we ku sorangan. Maneh teh rek kumaha? Ngora keneh mani kaleked kitu! Kawas anu hoream hirup teh. Ari jadi jalma kudu tanginas, bisi rejekina kapiheulaan ku batur!”
“Heeh…. ! Enyaaa… enya, ieu ge geus hudang. Meni ampun nya! Kalem we atuh, Pa. Pan ceuk ustad ge cenah, rejeki mah geus aya bagianana, moal aya nu nyokot. Ari Bapa kawas nu tara ngadengekeun hotbah jum’ah wae!” kuring nembal bari ngajewang anduk tina tali rapia, terus ngaleos ka kamar mandi.
“Ari maneh! Dipapatahan teh ngalawan wae! Teu ningali kolot sakeudeung deui ka paeh? Mun maneh kieu wae, rek kumaha hirup maneh ka hareupna? Pirakadar dititah nuluykeun usaha, hesena kawas nu dititah neangan sorangan! Maneh teh Jang… geus boga pamajikan, kudu sumaget neangan piduiteun. Komo deui engke, bakal  boga anak. Da atuh mani unggal isuk saban poe pisan diomongan kawas kieu teh. Mani asa rudet ngadengena oge. Jam satengah lima, kuring jeung Bapa geus mangkat ti imah. Leumpang ngadodorong roda, muru ka hareupeun SD Merdeka. Bapa paciweuh mere instruksi, kawas mandor bangunan. Turunkeun jang korsina! Tuluy mejana lalaunan Jang. Dieukeun wadah kurupukna! Kecap! Sambel! Kituna teh bari tutunjuk, jiga nu nganggap kuring teh kakaran pisan mantuan dagang, nepi ka saban poe kuring kudu dipetakeun jiga kitu.
Sabot kuring masangkeun terpal, bapa ngawadahan cai enteh kana gelas, hujan karasa miripis. Langit pe jiga nu teu daek caang, malah leuwih angkeub batan tadi subuh rarasaan mah. Sigana hujan bakal gede.
“Eleuh…..hujan! kumaha nya barudak sakola? Karunnya… pasti kabecekan,” ceuk Bapa bari ningali ka jalan nu mimiti baseuh ku cihujan.
“Keun bae we atuh Pa, da aya kolotna ieuh! Make jeung manghariwangkeun anak batur sagala….kalieur-lieur dipikiran!” celetuk teh kuring nembal kitu.
“Hus! Ari ngomong teh. Heuheuh….. ari aya kolotna tea mah….!” Bapa teu kapapanjangangan.
Barudak sakola geus mimiti daratang. Sawareh aya nu lulumpatan bari make jas hujan. Tapi aya oge nu ukur make jas hujan. Tapi aya oge nu ukur make payung. Diantara budak sakola, aya anu ngadadahan ka Bapa, bari asup ka gerbang sakola. Ku Bapa sok dibales gugupay, kawas ka incuna sorangan. Malah lamun datang mangsa bubar sakola, sok aya anu pamit. Budak leutik lobaan, bari nyium leungeun si Bapa. Hayang seuri nempo kitu teh. Atuh da ka tukang soto lontong mani jiga ka guru atawa kapala sakola wae, make nyium leungeun sagala rupa. Memang, Bapa teh kitu na mah deukeut jeung budak sakola di SD eta teh.  Malah barudak SMP jeung SMA nu sok ngadon sasarap di Bapa oge, katingalina akrab pisan. Ku barudak SD mah SI Bapa teh sok pada nyebut Aki, ari ku budak SMP jeung SMA mah katelahna Babeh. Ari ka kuring mah, sasaha oge nyarebutna  teh Emang bae.
Keur kitu, aya budak SD duaan. Hiji budak lalaki, taksiran mah kelas hiji. Anu hiji mah budak awewe kira-kira kelas opat. Lanceukna kawasna mah. Si Bapa ningali eta budak bari imut.
“Kadieu! Ka Aki heula. Atos sarapan teu acan?”
Budak anu duaan ukur gigideug. Tapi anu awewe mah ngajawab, “Pan ngahaja… abi mah ngajawab, “Pan ngahaja…. Abi mah bade emam soto Aki.”
“Uluh …. karunya teuing atuh. Sok eueut heula tah caina, ngarah patuanganana jadi haneut!” ceuk Bapa bari ngasongkeun cienteh haneut dua gelas.
“Lontongnya mau berapa? Satu atau setengahan?” ceuk Bapa. Ngobrol jeung budak ayeuna mah geuning sok kudu Indonesiaan wae, loba nu teu ngartieun Sunda.
“Dua… tapi setengahan,” lanceukna nembalan.
“Jang … dua! Satengahan!” Ceuk Bapa ngalieuk ka kuring.
Ari kuring mah dagang teh tara bari ngobrol jeung loba cacarita. Beda jeung Bapa, karesepna ngajak ngobrol ka nu meuli teh. Malah ka jalma nu anyar pinanggih oge bisa nepi ka sagala dicaritakeun Bapa mah. Budak nu duaan oge bisa nepi ka sagala dicaritakeun Bapa mah. Budak nu duaan oge, teu ereun saleseurian ngobrol jeung Bapa, sabot kuring ngaladangan.
Beuki siang, beuki loba anu datang rek ngadon sasarap. Budak sakola, nu rek indit gawe, atawa ibu-ibu anu dihaja meuli keur sasarap diimah.
“Ih geuning…. Asa tara-tara kakara jam 9 geus beak deui. Padahal nyieun lontong teh jeung  7 kilo beasna, capena oge karasa keneh,” ceuk Bapa.  Biasana, mun dagangan beakna geus beurang mah geuwat beberes, bari terus gura-giru balik. Tapi harita mah sabab kakara jam 9 geus beak, kuring jeung Bapa bisa rada salse, rereuh heula.
“Lumayan yeuh poe ieu mah dagang teh gancang beakna. Lalapar mereunnya , jelema teh. Mun unggal poe….,” ceuk kuring ka Bapa, “Tapi ….. ulah unggal poe teuing ketang, matak teu sanggup ngaladanganana. Engke mah kudu mawa si Karsih jang babantu.”
“Hus! Ari ngomong teh… alhamdulillah kituh! Geus payu!”
“Pa…ari Bapa dagang soto lontong teh geus sabaraha taun?”
“Nya… aya meureun genep puluh taunna mah!”
“Uluh… geuning! Naha teu bosen, Pa?”
“Kunaon kitu?” Bapa malik nanya
“Enya we…. Mani puluh-puluh taun kitu.”
“Baheula mah memang…. Kungsi aya rasa bosen kacampuran era, hirup ukur ngandelkeun jadi tukang soto lontong.”
“Ih…. lain urusan etana, Pa,” kuring nempas, inggis Bapa kasigeung hatena .
“Enya…. ayeuna ge meureun karasa ku Ujang. Wajar maneh oge mun ngarasa era ku ieu pakasaban. Malah rek enggeusan bae dagang, mola nuluykeun, jung bae Bapa mah. Bisi hayang kawas lanceuk maneh gawe dipabrik, sok wae, pan maneh teh sakola tamatan SMA. Atawa bisi rek digawe di….. naonlah ngaranna teh Alpamaret kitu? Kawas tatangga, loba nu digawe ditempat kawas kitu.”
“Ih… Si Bapa teh… lain kitu! Meni jadi serius. Abdi mah ukur heran we, naha Bapa bet resep dagang soto, kuat ka nepi genep puluh taun. Pan geuning Mang Budi mah… kungsi jadi tukang bubur, buburuh di matrial, malah kungsi  dagang gorengan sagala… pan meureun eta the sabagean alesanana the pedah boseneun? Naha ari Bapa, geu sakieu sepuhna, naha teu hayang eureun dagang teh?
... geuning ceuk si Teteh oge.
                “Baheula….. nya kitu, Bapa oge aya ari kabosen mah. Tapi lila kalilaan mah geuning bisa kuat. Ari maslah eureun mah, da awakna oge kuat keneh. Barina oge bosen cicing bae diimah, asa karasa pisan jadi aki-akina teh. Karasa ukur nungguan antrian maot. Jeungna deui kapan lumayan…..boga duit keur soranganeun jeung ngajajanan incu mah. Lian ti eta, dagang isuk-isuk disakola teh, keur Bapa mah geus asa jadi hiji kawajiban. Karunnya ka barudak sakola anu hayang ngadon anu hayang sasarap didieu. Bisi kawas lanceuk maneh, ari indit gawe teh geuning, budak dititipkeun ka urang teh kapan tara dibere dahar heula diimahna teh. Ngomogna mah teu kaburu. Kawas poe minggu geuning…. sakitu libur, angger we waktu Bapa datang ka imahna jam sapuluh oge can dibere dahar budak teh. Matak Bapa hayang tuluy dagang teh, bisi aya nu kawas incu sorangan. Nya ari Si Pipit….. aya aki ninina anu bisa dititipkeun najan kolotna garawe oge. Bisi batur mah, jauh ti dulurna. Budak oge daharna teu kaperhatikeun. Watiiiiiir….. Jang,” Bapa ngomongna jentre pisan, bari jiga nu terus jeung hate.
                “Ooooh…..jadi kitu nyah… pangna Bapa hayang tuluy dagang teh? Gaya eung… Ujang boga Bapa teh, gede pisan perhatianana ka barudak geuning? Teu sangka…..!” Ceuk kuring bari ngacungkeun jempol leungeun duanana. Tina obrolan jeung Bapa eta, kuring jadi boga tekad pikeun nuluykeun usaha Bapa, dagang soto lontong. Najan cita-cita mah luhur, hayang jadi dokter. Tapi geuning dirarasakeun mah dagang soto lontong jeung jadi dokter teh sarua hadena. Bedana saeutik, ari dokter mah ngubaran panyakit “mah” lantaran elat dahar, ari kuring mah nyegah jalma ngarah teu miboga panyakit “mah” atawa panyakit “mah” na teu kumat. Jadi dokter jeung dagang soto lontong teh hasilna keur jalma rea teh sarua….matak nyehatkeun!”***

kungsi dimuat na mangle. (mangle rumaja) nalika kuliah tingkat 2

21 komentar:

  1. Wow awesome very good Sunday I like that keep update 👍

    BalasHapus
  2. waw go blog banget ceritanya,keren

    BalasHapus
  3. Ai eta meser lontong na dimana,jadi hoyong

    BalasHapus
    Balasan
    1. sabaraha nya harga na,sami hoyong meser,bisi aya nu terang bisa kontak abdi

      Hapus