Senin, 05 Maret 2012

Pangalaman Ngajar.... carita nu munggaran jadi guru


Asa karasa bagja jadi guru, saumpama murid merhatikeun nalika guru keur nerangkeun, pancen dipigawé tepat waktuna kalawan bener, absensi pinuh, tuluy nalika murid ngaaprésiasi kana naon nu geus diterangkeun jeung nu kajadian dikelas. Tapi geuningan pikeun ngahontal hal éta hésé-hésé gampil pikeun guru munggaran kawas kuring, komo ngajarkeun basa Sunda dikalangan budak SMA jeung SMK, anu ceunah barudak rumaja Bandung kiwari mah geus hareseeun maké basa Sunda.

Pikeun kuring sorangan ngamimitian ngajar téh matak rantug jajantung, ku waasna téa nyanghareupan murid, komo ngamimitian pisan ngajar kudu ngajar budak SMK nu 98% muridna lalaki, béda nalika PLP mah di SMA Negeri aya murid awéwé jeung lalaki, nu suasana gé béda, Mun téa mah pas ngajar téh pan kudu boga RPP jeung Silabus sarta atribut administrasi Guru énya ku ayana hal éta ngabantuan pisan pikeun prosés KBM. Tapi da munggaran téa tangtuna hal éta tacan disiapkeun, nalika PLP mah ngajar kelas XI ari pas nyaanan ngajar kelas X, rada ngawangwang pas wéngi téh kumaha isuk dikelas, rék wawanohan teras ngobrol ngalér ngidul.. pikeun akrabisasi. Salaku tatahar jeung kamungkinan langsung mere matéri saumpama waktuna lila keneh.

Kiwari mah geu aya genep bulanan pangalaman ngajar kamari di SMK, tetep weh sarua karasa reeus, Jadi Guru saumpama muridna muserkeun paniten nalika urang keur nerangkeun, murid ngerjakeun pancén kalawan enya-enya jeung daria, mere aprésiasi kana naon nu kajadian dikelas, jeung absénsi anu full nalika pangajaran urang alias tara aya nu kabur nalika jam pelajaran urang. Geuningan pikeun urang alias ngawujudkeun hal kawas kitu téh teu gampil, ari sugan téh kari ngablam-blam wungkul, tapi beda kelas beda murid beda proses KBM na  téh, sanajan sarua materina nepikeunna sarua antukna béda hasilna aya dihandap rata-rata ngahontal KKM, malah aya kelas super nu pangeusina serba hayang leuwih aya persaingan sehat téa. Aya kesan nu béda dina unggal kelasna.

Carana rupa-rupa kelas téh aya nu hayangna diaping jeung dikontrol aya nu resepna dikencarkeun, murid ge rupa-rupa lamun pelajaran téh aya nu resepna tampil kahareup (ekstovert) aya gé nu hadean dina tulas-tulis (éraan introvert) énya kasebut fresh graduate téa jadi coba-coba model PBM. Rupa-rupa metode dilarapkeun

Kabénéran nalika keur nyusun skripsi aya lanceuk tingkat cpns, tempat ngawulangna di overkeun ka kuring atuh mimiti munggaran nyobaan jadi guru nyaana matak asa rantug jajajntung, kaberneran ngajar budak SMK kelas X nu muridna lolobana lalaki nu katélah rada barangor, rada sieun tapi nalika dijalanan urang ngawanohkeun diri urang nyobaab wanoh murid, ngobrol, aturan-aturan diajar dina pangajran basa Sunda anu kudu disapikan ku guru jeung muridna ngamotivasi siswa.

Pagawéan guru téh siga nu gampil katingalina ukur ngablam-blam dihareupeun kelas, tapi kan teu cukup kitu waé kabénéran barang mimiti ngajar matérina téh ngadongéng keur itu téh ngadongéng sasakala pare geuning barudak téh langsung pada jempling anténg ngabandungan tah meureun rada asup nyarita dongéng make vocal sora nu beda pikeun tokoh-tokohna sora rada siga Bapa –bapa karakterna gagah, wanter, wibawaan pikeun Baatara Gurubari dibarengan pasemon jeung rengkjakna béda dewa anta nu ka imajinasikeun aki-aki bongkok atawa déwi Sri pohaci anu andalémi geulis sorana lalaunan bari pasemon jeung réngkak di umat-imut wah geuning barudak téh aranténg ngabandungan. Kitugé nalika nitah nyaritakeun deui dina wangun tulisan hasilna matak nyugemakeun , kahiji pikeun pancen munggaran siswa daék nyetorkeun pancénnna lamun ningali ti hasilna bisa jadi criteria kahareupna néangan cara séjén sangkan murid bisa leuwih sumanget deui. Tangtuna barang murid ngalaksanakeun midamel pancén, kudu buru-buru diajénan geura peunteun tuluy pikeun deui, kun u panghadéna bahas dikelas carita-caritakeun di kelas nu séjén saha nu jadi primadona unggal kompetensi atawa matéri nu ditepikeun (reward). Kitu gé pami nu nyieunna pancén asal-asalan béré koméntar ti tugas nu ngasal, tulisan nu teu kaharti kertas nu kotor koméntaran. Tugas nu élat sakumaha kasapukan ti heula diitung elat per mingguna unggal minggu étab ponna dikurangan 0,5 lamun mere hukuman atawa punishment téh kawas kieu urang kudu tudu konsisten teadilakukeun sacara terus-terusan nu asalna A kurangan atuh jadi B,bacaaan lantaran elat dua minggu. Mun masih teu robah kali-kali pas ngabagikeun nu elat langsung diomongkeun hal kawas kieu sakumaha pangalaman kaitung matih.
Da maranéhna pada silih éra…

Pangajaran satuluyna analisis unsure intrinsic carpon bagikeun majalah sakolompok 1. terangkeun bag-bagan karya sastra nepi kasabit carpon naon, jeung unsure intrinsic nu nyangkaruk dijéro karya sastra tadi. Urang kari ngontrol, merhatikeun, ngajawab patalekan murid, bisa bari ngobrol jeung murid, ngabsen nanyaan tugas nu can asup, nu nminggu kamari naha teu abus. Ngageungereuhkeun dangdanan, cara make bajuulah bosen, Puji nu potongan buukna rapih teu  pira tapi mayotitas ayeuna bukkna jadi rarapih.


1 komentar:

  1. Kabita....
    Kaleresan kahoyong janten guru teh teu kacangking. Kalahka janten padamel biasa....

    BalasHapus