Ku Conita Rizki Kamalia
Siswa sma darul hikam kelas XI IA 2 (2011-2012
Dina hiji poé, aya hiji tong sampah umum desa anu dihirupan ku tilu ékor cacing nu sakinah mawaddah warohmah subur jeung ma’mur. Dina tilu ékor cacing éta aya nu boga awak pang badagna, manéhna resepeun pisan ka nu kadaharan, aya deui nu boga awak begang jeung pang pondokna, manéhna kacida hiperaktif pisan jeung getol midamel . Terahir aya nu boga awak jangkung jeung begang, nu hiji ieu resep ka nu kadaharan ngan pang ngedulna dipidamel beda pisan jeung babaturan sejenna.
***
Cacing-cacing éta geus hirup didinya kurang leuwih sakitar opat minggon. Dina minggon kaopat, pék na téh dina éta désa kalah ka jadi usum hujan. Biasana lamun datang usum hujan cacing nu hirup dina taneuh, tong sampah jeung sajabana kuduna geus nimbun rupa-rupa kadaharan, kusabab keur milarian di luar bumi téh kacida héséna. Ngan, tilu cacing dina tong sampah umum désa ieu kaasup cacing nu kalepetan nimbun kadaharan keur usum hujan. Maranéhna geus khawatir, geus ngahubungan ka sanak sodara cacing pang cakeutna tapi da rék kumaha deui cacing séjén ogé moal bakal mungkin mikeun kadaharan kusabab milarian kadaharan minggon ieu téh kacida hésé jeung hargana ogé teu mirah.
***
Ahirna, katilu cacing éta ngan saukur pasrah ka gusti Alloh. Maranehna ngan ngadagoan kadaharan nu dipiceun ku manusa. Basa keur soréna hujan angin dor-dar-poék cacing-cacing éta geus hampir pararingsan. Ojol-ojol turub tong sampah téh katepak angin nepika labuh ka handap. Ti dinya si cacing ningali aya caang kahirupan. Kusabab aya sésa kadaharan nu kakarak dipiceun ku manusa. Sésa kadaharana nya éta mangrupa sapotong daging hayam nu kakarak digigit saeutik ku nu boga na. Katilu cacing éta kacida bungah jeung gumbira pisan. Teras dua ekor cacing tong sampah éta langsung nyiapkeun wadah keur nadahan éta kadaharan. Maranéhna langsung nyari barang nu tiasa dijadikeun wadah, nah kanyataanna ngan ukur nimu turub kaleng nginuman ringan. Nah, dua ékor cacing éta téh hese ngagésér éta turub kaleng nginuman ka handapeun kadaharan nu sakedeung deui nepi ka dasar tong sampah. Demi lumangsungna hirup maranéhna keur usum hujan éta. Kadua cacing réla ngerahkeun kabeh tanaga. Ngan di salah sahiji sisi, si cacing nu jangkung, begang, jeung kedul pisan éta téh teu daekeun milu gegeseran turub. Manéhna ngan ukur ningal babaturana nu kasusahan, teras manéhna geus nyusun réncana pikeun ngadahar éta kadaharan nu kacida lobana (cukup keur sapanjang usum hujan) ngan babaturana téu kedah terang.
Saenggeus réncana bérés disusun, datang waktos nu geus di tangtukeun ku cacing begang éta. Waktos dua baturana geus pules saré, manéhna bari susumputan jalan ngadekeutan kadaharan nu tadi saoré ditadangan. Kadaharan éta disimpen dina gigireun tempat tidur ku baturanana. Diranté, dipasung, di béré alarm pengaman. Cakeuuut pisan. Supaya si cacing begang rakus teu bisa nyolong éta kadaharan. Ngan, si cacing begang-rakus éta boga akal nu cerdik jadi si cacing gampang pisan nyampe kana éta kadaharan teras langsung ngabéakeun bari teu nyesakeun kadaharan keur babaturana. Baturan sejenna kaancem kena kalaparan sapanjang usum hujan, padahal usum hujan kakarak mulai. Ayeuna.
***
Ku : Conita Rizki K ( Xi ia 2)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar