Senin, 05 Maret 2012

Materi Rapat Pikeun kelas XI


Definisi Rapat
Rapat nya eta gempungan pertemuan anggota ti hiji organisasi/ pausahaan
Jeung pegawena pikeun ngabahas hal-hal nu aya patalina jeung kapentingan organisasi/ kantor/ pausahaan.

Sababaraha pakakas dihandap ieu pikeun ngalancarkeun rapat sangkan leuwih efektif: 

1. Agenda Rapat
Agenda rapat sakuduna dibewarakeun ka pamilon rapat samemeh rapat nu diayakeun. Agenda bisa dijadikeun sanggeus objektif ti rapat tuluy pamilon ditangtukeun. Hal-hal nu kudu dirapatkeun di agenda rapat nya eta:
·         Waktu/tanggal rapat jeung perkiraan iraha waktu beresna rapat;
·         Lokasi/ tempat rapat;
·         Tema/ topik (gurat badag rapat kudu jentre lamun diperlukeun);
·         Waktu nu dibere pikeun unggal topik.
Lamun bisa menta saran ti unggal pamilon ngeunaan objektif jeung tema rapat nu aya dina agenda pikeun mastikeun sangkan eweuh nu tinggaleun.

2. kudu ditetepkeun aturan dina rapat:
Iraha waktu dikawitan jeung rengsena rapat:
Sangkan rapat bisa dikawitan dina waktuna, kudu disiplin, Ulah ngulang deui rapat ka pamilon nu elat, cukup dijelaskeun rapat geus nepi kamana sacara gurat badag.
Ulah ngahurungkeun hape atawa set ka silent mode
Gangguan ti suara telepon dikurangan volumena.
Pamilon rapat kudu milu aub dina mere sawangan jeung pamadeganna kana tema nu keur dirapatkeun. Saena dina rapat aya pamilon nu jadi juru kunci pikeun mastikeun sangkan unggal pamilon milu aub dina eta rapat.
3. Nangtukeun Patugas Rapat
Patugas-patugas pikeun ngarojong jalanna rapat sangkan produktif nya eta:
Panjaga Waktu.
Saluyu jeung ngaranna, panjaga waktu mastikeun yen rapat lumangsung saluyu jeung durasi nu geus ditangtukeun. Lamun rapat dianggap ngayayay alias ngaleuwihi waktu jeung bahasan na teu maju saluyu jeung durasi nu geus ditangtukeun di agenda. Bakal aya rapat tambahan pikeun ngabahas deui nu dihadiran ku kabeh pamilon atawa cekap ku sabaraha wakil nu nyumponan kuota pamilon dina rapat. Satuluyna rapat sacara umum/ terbuka atawa disumpingan atawa sacara off line. (tertutup).
Juru konci.
Peran Juru Konci nya eta pikeun mastikeun yen sakabeh pamilon rapat milu aub  pikeun mastikeun sakabeh pamilon rapat meunang kasempetan nepikeun sawangan jeung pamadegannna ngeunaan hijihal/ hal nu keur dipadudengkeun, atawa mere tanggepan ka sawangan jeung pamadegan nu ditepikeun ku pamilon nu sejen.  
Girang serat
Pancenna nya eta nyatet/ nuliskeun ide-ide nu dibahas dina rapat, kaasup nyatetkeun unggal kaputusan jeung tindak lanjutna, fungsina pikeun mantau hal naon wae jeung tindak lanjut ti rapat kana kaputusan nu geus di cokot.
Panumbu catur
 Pancen moderator nya eta pikeun meunang ide, komentar, atawa kabar nu aya patalina jeung topik rapat tapi aya nu diluar tema. Hal-hal nu aya diluar topik rapat bisa mawa rapat kaluar ti tma jadi moderator perlu pikeun rapat sangkan saluyu rapat bisa lumangsung saluyu jeung tema. Mastikeun rapat sajalan jeung ka arah.
4. Notulen Rapat
Notulen rapat eusina informasi ngeunaan diskusi nu dilakukeun salila rapat jeung kaputusan nu dicokot pamilon. Notulen rapat eusina komitmen, lengkah, jeung tindak lanjut nu dilakukeun. Saeutikna, notulen rapat kedah ngawengku informasi ngeunaan saha wae, naon, iraha, kumaha, jeung kunaon.  Panulis saena catatan-catatan anu ditulis samemeh rapat dibubarkan untuk memastikan point-point penting sudah tercatat

Pangalaman Ngajar.... carita nu munggaran jadi guru


Asa karasa bagja jadi guru, saumpama murid merhatikeun nalika guru keur nerangkeun, pancen dipigawé tepat waktuna kalawan bener, absensi pinuh, tuluy nalika murid ngaaprésiasi kana naon nu geus diterangkeun jeung nu kajadian dikelas. Tapi geuningan pikeun ngahontal hal éta hésé-hésé gampil pikeun guru munggaran kawas kuring, komo ngajarkeun basa Sunda dikalangan budak SMA jeung SMK, anu ceunah barudak rumaja Bandung kiwari mah geus hareseeun maké basa Sunda.

Pikeun kuring sorangan ngamimitian ngajar téh matak rantug jajantung, ku waasna téa nyanghareupan murid, komo ngamimitian pisan ngajar kudu ngajar budak SMK nu 98% muridna lalaki, béda nalika PLP mah di SMA Negeri aya murid awéwé jeung lalaki, nu suasana gé béda, Mun téa mah pas ngajar téh pan kudu boga RPP jeung Silabus sarta atribut administrasi Guru énya ku ayana hal éta ngabantuan pisan pikeun prosés KBM. Tapi da munggaran téa tangtuna hal éta tacan disiapkeun, nalika PLP mah ngajar kelas XI ari pas nyaanan ngajar kelas X, rada ngawangwang pas wéngi téh kumaha isuk dikelas, rék wawanohan teras ngobrol ngalér ngidul.. pikeun akrabisasi. Salaku tatahar jeung kamungkinan langsung mere matéri saumpama waktuna lila keneh.

Kiwari mah geu aya genep bulanan pangalaman ngajar kamari di SMK, tetep weh sarua karasa reeus, Jadi Guru saumpama muridna muserkeun paniten nalika urang keur nerangkeun, murid ngerjakeun pancén kalawan enya-enya jeung daria, mere aprésiasi kana naon nu kajadian dikelas, jeung absénsi anu full nalika pangajaran urang alias tara aya nu kabur nalika jam pelajaran urang. Geuningan pikeun urang alias ngawujudkeun hal kawas kitu téh teu gampil, ari sugan téh kari ngablam-blam wungkul, tapi beda kelas beda murid beda proses KBM na  téh, sanajan sarua materina nepikeunna sarua antukna béda hasilna aya dihandap rata-rata ngahontal KKM, malah aya kelas super nu pangeusina serba hayang leuwih aya persaingan sehat téa. Aya kesan nu béda dina unggal kelasna.

Carana rupa-rupa kelas téh aya nu hayangna diaping jeung dikontrol aya nu resepna dikencarkeun, murid ge rupa-rupa lamun pelajaran téh aya nu resepna tampil kahareup (ekstovert) aya gé nu hadean dina tulas-tulis (éraan introvert) énya kasebut fresh graduate téa jadi coba-coba model PBM. Rupa-rupa metode dilarapkeun

Kabénéran nalika keur nyusun skripsi aya lanceuk tingkat cpns, tempat ngawulangna di overkeun ka kuring atuh mimiti munggaran nyobaan jadi guru nyaana matak asa rantug jajajntung, kaberneran ngajar budak SMK kelas X nu muridna lolobana lalaki nu katélah rada barangor, rada sieun tapi nalika dijalanan urang ngawanohkeun diri urang nyobaab wanoh murid, ngobrol, aturan-aturan diajar dina pangajran basa Sunda anu kudu disapikan ku guru jeung muridna ngamotivasi siswa.

Pagawéan guru téh siga nu gampil katingalina ukur ngablam-blam dihareupeun kelas, tapi kan teu cukup kitu waé kabénéran barang mimiti ngajar matérina téh ngadongéng keur itu téh ngadongéng sasakala pare geuning barudak téh langsung pada jempling anténg ngabandungan tah meureun rada asup nyarita dongéng make vocal sora nu beda pikeun tokoh-tokohna sora rada siga Bapa –bapa karakterna gagah, wanter, wibawaan pikeun Baatara Gurubari dibarengan pasemon jeung rengkjakna béda dewa anta nu ka imajinasikeun aki-aki bongkok atawa déwi Sri pohaci anu andalémi geulis sorana lalaunan bari pasemon jeung réngkak di umat-imut wah geuning barudak téh aranténg ngabandungan. Kitugé nalika nitah nyaritakeun deui dina wangun tulisan hasilna matak nyugemakeun , kahiji pikeun pancen munggaran siswa daék nyetorkeun pancénnna lamun ningali ti hasilna bisa jadi criteria kahareupna néangan cara séjén sangkan murid bisa leuwih sumanget deui. Tangtuna barang murid ngalaksanakeun midamel pancén, kudu buru-buru diajénan geura peunteun tuluy pikeun deui, kun u panghadéna bahas dikelas carita-caritakeun di kelas nu séjén saha nu jadi primadona unggal kompetensi atawa matéri nu ditepikeun (reward). Kitu gé pami nu nyieunna pancén asal-asalan béré koméntar ti tugas nu ngasal, tulisan nu teu kaharti kertas nu kotor koméntaran. Tugas nu élat sakumaha kasapukan ti heula diitung elat per mingguna unggal minggu étab ponna dikurangan 0,5 lamun mere hukuman atawa punishment téh kawas kieu urang kudu tudu konsisten teadilakukeun sacara terus-terusan nu asalna A kurangan atuh jadi B,bacaaan lantaran elat dua minggu. Mun masih teu robah kali-kali pas ngabagikeun nu elat langsung diomongkeun hal kawas kieu sakumaha pangalaman kaitung matih.
Da maranéhna pada silih éra…

Pangajaran satuluyna analisis unsure intrinsic carpon bagikeun majalah sakolompok 1. terangkeun bag-bagan karya sastra nepi kasabit carpon naon, jeung unsure intrinsic nu nyangkaruk dijéro karya sastra tadi. Urang kari ngontrol, merhatikeun, ngajawab patalekan murid, bisa bari ngobrol jeung murid, ngabsen nanyaan tugas nu can asup, nu nminggu kamari naha teu abus. Ngageungereuhkeun dangdanan, cara make bajuulah bosen, Puji nu potongan buukna rapih teu  pira tapi mayotitas ayeuna bukkna jadi rarapih.


Tips jeung carpon


* Tips sareung trik dina ngadamel carpon :
1. Nangtukeun tema carpon   
2. Nangtukeun konflik carpon
3. Nangtukeun galur / alur carpon
4. Nangtukeun pamuka / bagian bubuka carpon
5. Nantukeun tokoh jeung watekna
6. Nangtukeun bagian panutup carpon

* Cara nulis carpon anu hade :
1. Carpon eusina kudu mundel, jentre caritana
2. Ngabogaan  1 konflik/ 1 masalah utama nu diguar
3. Carpon kudu boga ujung atawa ahir carita anu tuntas
4. Jarak antar baris dina panulisana make 2 spasi
5. Make EYD, lamun heunteu baku kudu di miringkeun
6. Hadena kecap anu dipake teu leuwih ti 10.000 kecap


carpon Sunda (kulawarga hileud)


Ku Conita Rizki Kamalia
Siswa sma darul hikam kelas XI IA 2 (2011-2012
Dina hiji poé, aya hiji tong sampah umum desa anu dihirupan ku tilu ékor cacing nu sakinah mawaddah warohmah subur jeung ma’mur. Dina tilu ékor cacing éta aya nu boga awak pang badagna, manéhna resepeun pisan ka nu kadaharan, aya deui nu boga awak begang jeung pang pondokna, manéhna kacida hiperaktif pisan jeung getol midamel . Terahir aya nu boga awak jangkung jeung begang, nu hiji ieu resep ka nu kadaharan ngan pang ngedulna dipidamel beda pisan jeung babaturan sejenna.
***
Cacing-cacing éta geus hirup didinya kurang leuwih sakitar opat minggon. Dina minggon kaopat, pék na téh dina éta désa kalah ka jadi usum hujan. Biasana lamun datang usum hujan cacing nu hirup dina taneuh, tong sampah jeung sajabana kuduna geus nimbun rupa-rupa kadaharan, kusabab keur milarian di luar bumi téh kacida héséna. Ngan, tilu cacing dina tong sampah umum désa ieu kaasup cacing nu kalepetan nimbun kadaharan keur usum hujan. Maranéhna geus khawatir, geus ngahubungan ka sanak sodara cacing pang cakeutna tapi da rék kumaha deui cacing séjén ogé moal bakal mungkin mikeun kadaharan kusabab milarian kadaharan minggon ieu téh kacida hésé jeung hargana ogé teu mirah.
***
Ahirna, katilu cacing éta ngan saukur pasrah ka gusti Alloh. Maranehna ngan ngadagoan kadaharan nu dipiceun ku manusa. Basa keur soréna hujan angin dor-dar-poék cacing-cacing éta geus hampir pararingsan. Ojol-ojol turub tong sampah téh katepak angin nepika labuh ka handap. Ti dinya si cacing ningali aya caang kahirupan. Kusabab  aya sésa kadaharan nu kakarak dipiceun ku manusa. Sésa kadaharana nya éta mangrupa sapotong daging hayam nu kakarak digigit saeutik ku nu boga na. Katilu cacing éta kacida bungah jeung gumbira pisan. Teras dua ekor cacing tong sampah éta langsung nyiapkeun wadah keur nadahan éta kadaharan. Maranéhna langsung nyari barang nu tiasa dijadikeun wadah, nah kanyataanna ngan ukur nimu turub kaleng nginuman ringan. Nah, dua ékor cacing éta téh hese  ngagésér éta turub kaleng nginuman ka handapeun kadaharan nu sakedeung deui nepi ka dasar tong sampah. Demi lumangsungna hirup maranéhna keur usum hujan éta. Kadua cacing réla ngerahkeun kabeh tanaga. Ngan di salah sahiji sisi, si cacing nu jangkung, begang, jeung kedul pisan éta téh teu daekeun milu gegeseran turub. Manéhna ngan ukur ningal babaturana nu kasusahan, teras manéhna geus nyusun réncana pikeun ngadahar éta kadaharan nu kacida lobana (cukup keur sapanjang usum hujan) ngan babaturana téu kedah terang.
Saenggeus réncana bérés disusun, datang waktos nu geus di tangtukeun ku cacing begang éta. Waktos dua baturana geus pules saré, manéhna bari susumputan jalan ngadekeutan kadaharan nu tadi saoré ditadangan. Kadaharan éta disimpen dina gigireun tempat tidur ku baturanana. Diranté, dipasung, di béré alarm pengaman.  Cakeuuut pisan. Supaya si cacing begang rakus teu bisa nyolong éta kadaharan. Ngan, si cacing begang-rakus éta boga akal nu cerdik jadi si cacing gampang pisan nyampe kana éta kadaharan teras langsung ngabéakeun bari teu nyesakeun kadaharan keur babaturana. Baturan sejenna kaancem kena kalaparan sapanjang usum hujan, padahal usum hujan kakarak mulai. Ayeuna.
***






Ku : Conita Rizki K ( Xi ia 2)